Tah di dinya ku andika adegkeun éta dayeuh Laju ngaranan Bogor sebab bogor teh hartina tunggul kawung
Ari tunggul kawung émang gé euweuh hartina euweuh sotéh cek nu teu ngarti
Ari sababna sabab ngaran mudu Bogor Sabab bogor mah dijieun suluh teu daék hurung teu melepes tapi ngelun haseupna teu mahi dipaké muput
Tapi amun dijieun tetengger
sanggup nungkulan windu kuat milangan mangsa
Amun kadupak mantak borok nu ngadupakna moal geuwat cageur tah inyana
Amun katajong? mantak bohak nu najongna moal geuwat waras tah cokorna
Tapi, amun dijieun kékéséd?sing nyaraho isukan jaga pageto bakal harudang pating kodongkang nu ngarawah si calutak
Tah kitu! ngaranan ku andika
eta dayeuh Dayeuh Bogor!
No comments:
Post a Comment