# saha ari kuring,saha ari anjeun
kuring jeung anjeun teh saha?
# neangan saha kuring
neangan saha anjeun
kuring jeung anjeun teh
neangan saha?
# di mana kuring,di mana anjeun
kuring jeung anjeun teh di
mana?
# rek ka mana kuring
rek ka mana anjeun
kuring jeung anjeun teh rek
kamana?
# naha kuring teh anjeun?
atawa anjeun teh kuring?
Beh na mah…
geuning kuring jeung anjeun teh sarupa,sajiwa, saraga tunggal mahluk Nu Murbeng Alam,
ukur darma wawayangan,
usik malik anging kersa manten-Na, sumerah sadrah anging ka Gusti na,waluya mun panjeg dina papagon karahayuan, karahayuan nu manunggal,manunggal Kresna lan Samiaji
No comments:
Post a Comment