Sumoreang mangsa katukang
Ngalangkang ka bayang-bayang
Sagala nu karandapan
Dilakonan tur kajongjonan
Rumasa geus ngumbar amarah
Ngajurung napsu nu teu puguh
Ngarumpak laranganana
Kiwari rasa ka duhung
Ngancik dina ati sanubari
Kaduhung sagede gunung
Kaduhung teu mangih tungtung
Aduh gusti…abi ampun
Ka anjeun abi nyalindung
Ka anjeun nyuhungkeun tulung
Nyanggakeun badan sakujur masrahkeun awak sadaya daya,
rumasa diri teu mi boga
Tengah peuting nu jemplang-jempling abi sujud seja mi eling
Ieu dosa di alam dunya pamugi
di hapunteun
Gusti………abi ampun
Keclakna cimata nitenan kana dosa
Gusti……….abi ampun
Jauhkeun abdi tina sagala dosa
Gusti………abi ampun
Cakeutkeun sim abdi kana jalan anu bagja
Duh gusti hapunten abdi
No comments:
Post a Comment