Friday, October 18, 2013

HIRUP atawa HURIP

Nu jauh urang deketken,
Geus deket urang layeutkeun,
Geus layeut urang paheutkeun,
Geus paheut Siliwangiken,
Duh gusti anu agung kabulken kahoyong abdi.

Mun hirup hayang hurip, teangan elmu kahuripan.
Dimana ayana ulah jauh-jauh da moal kapanggih.
Ulah susah-susah da moal lampah.
Nya dimana ayana,
Ayana dina diri urang sorangan.

Ari hirup henteu hurip Ibarat walungan kosong caina,
Lamun hurip henteu hirup Ibarat cai tanpa walungan.

Geura tafakuran diri urang,
Geningan urang teh kumpul. antara hirup jeung kahuripan,
Antara kahuripan jeung kahirupan.

Coba pisahken antara kahuripan jeung kahirupan anu aya dina diri urang lamun bisa insya Allah bisa jadi manusa anu sampurna.

Sampurna dina ngalakonan kamanusaan
Sampurna dina ngalakonan kahirupan
Sampurna dina ngalakonan kahuripan

Manusa tetep manusa, moal bisa jadi pangawasa da ari anu kawasa nya eta anu Maha Kawasa

Allah ngarana

Anu hak dipuji jeung dipuja Ku urang anu jadi dadamelanana.

Hanjakal jeung hanjakal kuring anu aya dina kurungan Can bisa ngamalkeun jeung ngapalkeunana.

No comments:

Post a Comment