Sariak Layung di beulah kulon geus nembongan Tandana srangenge geus waktuna nyalindung ditukangeun gunung
Hawa sore beuki karasa
Angin peuting geus ngadagoan
Naha kuring bet inget ka wanci haneut moyan?
Di lebah buruan aya kembang kanyaah anu keur meujeugna ligar
Daunna hejo ngemploh matah betah mun ngiuhan
Waktu panon peo geus manceran Eta kembang teh bet jadi leugit teu puguh juntrunganana
Kuring ngan nyekel kembang kanyaah anu murag
Dibawa diteundeun dina kantong katresna
Ayeuna wanci geus sareupna Kuring moal bisa manggihan waktu beurang anu tadi
Sariak layung pang nepikeun ieu tresna
Panon poe pang nepungkeun deui beurang anu endah
Angin peuting wayahna pang nepikeun ieu asih
Ayeuna geus waktuna ngitung bekel
Ayeuna geus waktuna mapagkeun alam peuting
Ayeuna geus waktuna ngurus diri
Diri anu lakomot ku polah anu teu guna
Assalamu'alaikum Brader.. :) Langsung dari Menu Pengguna/Pembaruan Nih.. TerimakAsih Telah Setia Hadir di Blog Kita. Kalo sempat Like This Ya Brader.. http://m.facebook.com/profile.php?id=272200546230752&refid=5 Admin : http://roadtohell.mywapblog.com
ReplyDelete@THE ROAD TO HELL JALAN KE NERAKA, Nanti ane visit brader
ReplyDelete