Friday, October 5, 2012

kanyaah kolot

Gubrag ka alam dunya, koceak dengekna jentre meupeuskeun jemplingna peuting.
Disanggap ku cireumbay kabungah nu jadi kolot.

Renghap-ranjugna indung nu ngalahirkeun, Kahariwangna Bapa anu teu aya watesna Kaubaran ku ngagoakna ceurik kuring.

Belenyehna seuri kuring matak gumbira anu jadi kolot,Rengkak polahna kuring jadi bahan gogonjakan anu jadi kolot.

Waktu kuring nandangan lara kolot kuring bingung anu teu aya hinggana, Teu kuat ngabendung kabingung indung kuring nyegruk ceurik.
Ningali kuring kasampak gering bapa kuring ngahelas bangun nalangsa, nalangsa pinuh ku kanyaah.

Basa kuring geus jadi nonoman, teu saeutik kuring boga masalah Kasaha deui mun teu ka kolot kuring, kuring ngadu Bapa kuring anu ngabeberes masalah kuring
Indung kuring anu ngupahan rasa kasedih kuring

Ayeuna kuring geus gede Ayeuna kolot kuring geus rarempo
Asa can pernah kuring mulang tarima Nu aya ngan ngaririweuh jeung mere kapusing anu jadi kolot
Boh indung kuring atawa bapa kuring
Dugi kaayeuna kanyaahna teu pegat-pegat

Kajeun jauh ditungtung lembur
Kajeun anggang ti pakarangan
Kanyaah indung bapa kuring tetep pageuh teu aya watesna

Duh…Ema, Bapa hampura kuring
kuring teu acan tiasa mulang tarima kanu jadi kolot

No comments:

Post a Comment