Sunday, October 7, 2012

dangukeun nyai...

Kanyaah akang moal laas ku panasna jaman, moal leeh ku serabna panon poe
najan aya mojang nu sok pirajeunan ngajak nganjang
cinta akang moal gedag ku panggoda wanoja

Nyai..., cinta akang nu sajati
satungtung anjeun satuhu nyumponan kawajiban ka caroge, akang moal rek lanca linci luncat mulang

Nyai..., pupunden hate akang
tong rempan sanajan urang paanggang, cinta akang lain ngan ukur kalangkang
clik putih clak herang tresna akang ngan ukur anjeun

Nyai..., citresna akang nu utama
kabagjaan nu ku urang ayeuna dirasa omat ulah nepi ka dirogahala, kupangbibita dunya nu moal pasti sampurna

Nyai..., bojo akang anu geulis
sing tarapti ngajaga diri sangkan urang tetep waluya dina lalakon laki rabi nu ku urang ayeuna keur disorang

3 comments:

  1. THE ROAD TO HELL JALAN KE NERAKAOctober 8, 2012 at 8:51 PM

    Selamat Sore Brader :) Kunjungan Update Posting nih Brader :roll: Karena Kita jadi Followermu :lol: Semoga kabarmu baik2 saja :) Terimakasih Brader

    ReplyDelete
  2. kujungan master http://gratys.heck.in

    ReplyDelete
  3. kujungan master http://gratys.heck.in

    ReplyDelete