Eling- eling mangka eling Rumingkang di bumi alam Darma wawayangan bae Raga taya pangawasa
Nyucruk galur ti Karuhun Nutur lacak para Wali Nu nyambuang ka balarea Titinggal ti Nini Aki Ngawaris kabudayaan
Seni Sunda sawer asih Seni Sunda pikeun suluk Gambaran siloka diri Hirup ulah rek ka jongjonan Mawa diri sing taliti Satincak make pikiran Pikiran ieu pepeling
Pepeling Jalan Pituduh Nuduh keun diri cing lirih Hahalang lugay disingray Mun hayang salamet diri Di dunya ukur ngumbara Peupeujeuh cing repeh rapih
Repeh rapih nu salembur Kacai jadi saleuwi Kadarat jadi salogak Pageuh pakuat pakait Ulah ingkah balilahan Ancrubna ngajadi hiji
Ngahiji ngajadi dulur Sadaya mahlukna Gusti Hubungan sabilulungan Keudalkeun katineung ati Ka Ibu sareng ka Rama Neneda ka Maha Suci Neda agung cukup lumur
Neda jembar pangaksami Bilih aya kalepatan Seueur pisan ka kirangan Amin ya robbal alamin Muga Gusti nangtayungan
Pertamax Apa ya artinya
ReplyDelete@Ryuzaki Uzumaki, Hehe... Udah cari di om google belum sob? Maklum ane orangnya katro. Tq wat comment nya
ReplyDeletenyimak..
ReplyDelete@Azizah, Hatur tengkyu
ReplyDelete@Ryuzaki Uzumaki, Pertamax itu kalau ga salah gabungan dua kata sob. Pertama dan "x" (kali). Jadi kalau di gabungin jadi pertama kali ( maksudnya yg pertama bikin koment dalam sebuah thread)
ReplyDelete