Tuesday, August 14, 2012

lamunan

Peuting ieu kuring misono hiliwir angin malah mandar babarengan nyaksian bulan imut bari neuteup bentang nu silih kiceupan.

Uwung-awang langit timburuan mireungeuh bulan jeung bentang jiga nu ngumbar katresna dina amparan mega-mega malang.

Laju lalaunan hiliwir angin ngusap panon nu mimiti leleyepan pikeun mapag impian nepi ka mangsana balebat sumirat muyarkeun
kaendahan nu datang mangsana tibra.

Duh…., ku teungteuingeun bet tega megatkeun impian….

No comments:

Post a Comment