Friday, June 22, 2012

merespes

MERESPES

kuring geus mager ieu hate sangkan nu lian teu nepakeun tresna lain
rekep... tohaga.. dikuribeng kawat cucuk

edas tetep aya bae nu nyiliwuri nurutan gaya anjeun...
malsukeun imut salira antukna kuring keuna kupitapak pager cinta paburantak
runtag...
teu ngabentuk

basa anjeun teu mere kasempetan
sanajan ukur sarenghap
tapi kuring rek tetep nata taman hate ieu
sok sanajan can tangtu anjeun
nu betah bumetah na ieu manah
salira nu utama
tapi pami teu kersa, wios seja ngantos nu kersa salajengna
mugia lain ukur carita hampa

No comments:

Post a Comment