Kiwari lain kamari tapi ayeuna.
Kamari kuduna jadi eunteung pikeun bekel naratas jalan sangkan lolongkrang, teu katutupan jalan.
Lumampah di alam dunya ceunah darma wawayangan, usik malik diobah ku dalang.
Tapi urang lain wayang sabab wayang moal boga kahayang, da wayang mangrupa barang.
Lumampah urang tangtu moro kahayang, hayang tandang, pakan jeung sandang, sabab urang boga akal jeung pikiran.
Lain wayang nu ngan hudang mun diangkat ku dalang.
Kamari nu can pasti tong di jadikaeun nyunkeulit ati tuluy jadi hoream ngahontal kahayang.
Gagal lain hartina lengiteun akal tapi kudu nyiar jalan pikeun meunggaskeun rurungkang nu ngahalangan jalan.
Sing percaya kana diri, nu dianti pasti ngawujud bukti asal usaha jeung percaya kanu Maha Suci.
Urang beda jeung wayang lantaran urang boga akal jeung pikiran. wayang ngan ukur parabot dalang nu dipirig ku gamelan dina acara hiburan.